radio online

Selasa, 13 Desember 2011

MASALAH URANG SUNDA



Probléma Urang Sunda  Ti mimiti taun tujuhpuluhan, aya parobahan gedé di tatar Sunda. Pausahaan-pausahaan deungeun ngalabring daratang, dituturkeun ku pagawé-pagawéna. Barang-barang ahéng ti luar nagri jadi ceuyah. Proyék-proyék merul. Harga tanah ogé ngarayap naék. Ari keur masyarakat leutik nu teu ngarti pulitik mah nya atoh wé nu aya. Harga tanah nu biasana ukur saratus rébu satumbak, ditawar jadi tilu tikeleun. Atuh sawah, balong, jeung kebon katut tatangkalanana ogé nya dijarualan ku nu bogana. Ari maranéhna tuluy milih nyalingkir ka sisi, néangan nu hargana masih kénéh murah.  Duit ladang ngajual tanah téa, ku manéhna ditumpakan jadi motor atawa mobil. Puguh wé jadi asa gaya. Sikep hirup ogé ngadadak robah. Jadi leuwih resep nge-"band" jeung nge-"rock" batan ngacapi suling atawa ngadegung. Teu saladar, yén nu geus dijarualan ku maranéhna téh saenyana mah lain ngan sakadar tanah titinggal ti kolot, tapi éta téh lemah cai. Lemah jeung cai  wariskeuneun ka anak incu urang Sunda.  Teu sawatara lila sanggeus bérés jual beuli, jlug-jleg wéh di dinya téh jaradi real estate jeung industrial estate. Barang gedong-gedong jeung pabrik-pabrik téa geus ngaradeg, manahoréng nu barogana ogé geuning urang deungeun. Nya ti harita mah Bandung téh beuki heurin ku tangtung. Kitu deui kota-kota lianna di sakuliah tatar Sunda. Mun seug dibandingkeun ka taun genep puluhan, ayeuna mah karasana bet jadi leuwih réa urang deungeunna batan urang dinyana pituin.  Kiwari, hamo bisa dipungkir, nasib nu keur karandapan ku urang Sunda téh saeutik ogé henteu matak pikareueuseun. Boh dina kahirupan sosialna, boh dina kahirupan pulitik, ékonomi, nya kitu deui dina kahirupan budayana. Urang Sunda lir anu ngumbara di lemah caina sorangan. Cenah, tujuh puluh persén tanah di Tatar Sunda nu ngapimilikna kiwari geus lain urang Sunda deui. Tina kurang leuwih dua puluh atawa tilu puluh juta urang Sunda, cenah, paling banter ogé ukur aya sajuta atawa dua juta nu kahirupan ékonomina kaitung mapan. Bari, ti antara nu kahirupanana mapan ogé ari nu masih nyésa kénéh rasa kasundaanana mah paling banter ukur raratusan, mun henteu rébuan.  Hal ieu tangtuna ogé lain karana kitu baé, tapi  aya sababna. Éta téh teu aya lian anging dilantarankeun ku urang Sundana sorangan, kalolobaanana geus leungiteun ajén jeung kasadaran kana jatidirina pribadi. Rata-rata urang Sunda, pangpangna entragan barudak ngora, geus teu miboga kareueus jeung kacinta ka bangsana sorangan. Loba nu geus teu maliré deui kana basa jeung budaya karuhunna, nu baheula kungsi dipusti-pusti ku entragan saheulaeunana. Réa urang Sunda nu geus teu miroséa deui kana adat, tatakrama, jeung budaya Sunda. Malah réa anu geus teu ngarti-ngarti acan mun seug diajak nyarita dina basa indungna sorangan.  Acan lamun aya hiji paham kaagamaan atawa idéologi pulitik geus nyosok jero dina dirina, maranéhna sok poho, atawa bisa jadi kalawan sadar, ngaleungitkeun rasa duduluran sabangsa jeung salemah cai ka bangsana sorangan, alatan béda pamahaman atawa idéologi téa. Teu kurang-kurang anu téga ngagunasika batur salembur, batur sabangsa, ku lantaran tumut kana paréntah pamingpinna nu meleg-meleg urang deungeun.  Nurutkeun sajarah, biasana leungitna hiji bangsa téh sok dimimitian ku leungitna basa jeung budayana. Ku sabab éta, saupama kaayaan urang Sunda nu sarupa kieu diantep teu dioméan, teu mustahil dina kurun waktu nu moal lila deui ogé, étnis Sunda bakal sirna ukur kari ngaranna. Naha rék téga?   *** 

GUNUNG SEPUH

GUNUNG SEPUH

Prasasti koleksi Museum Adam Malik Jakarta, ikut memperkuat dugaan adanya kesinambungan Kerajaan Pasundan dengan Kerajaan Mataram Hindu di Jawa Tengah. Bahkan bila dikaitkan dengan temuan - temuan prasasti di Jawa Barat termasuk temuan tahun 90-an, prasasti ini ikut memberi titik terang sejarah klasik di Tanah Pasundan yangselama ini masih gelap.

Kepala Bidang Arkeologi Klasik pusat Penelitian Arkeologi Nasional (Puslit Arkenas) Dr Endang Sri Hadiati didampingi peneliti arkeologi spesialis Sunda, Richadiana Kartakusuma SU, mengemukakan itu saat ditemui Kompas di ruang kerjanya di Jakarta, Senin (20/2). Keduanya ditemui dalam kaitan dengan Sejarah Klasik Sunda yang selama ini masih gelap, bila dibanding dengan sejarah klasik di Jawa Tengah, yang telah mampu memberikan sejarah lebih runtut.

Bila benar dugaan adanya kesinambungan antara Raja Sunda dan Jawa Tengah ini, maka ini merupakan asumsi sejarah baru dalam perkembangan sejarah nasional selama ini. Endang Sri Hadiati menyatakan, kesinambungan atau adanya dugaan hubungan antara Kerajaan Pasundan dan kerajaan di Jawa Tengah itu disebut-sebut dalam lontar Carita Parahiyangan yang ditemukan Ciamis, Jawa Barat.

Lontar yang ditemukan tahun 1962 ini mengisahkan tentang raja-raja Tanah Galuh Jawa Barat. Salah satu lontar dari Carita Parahiyangan yang belum diketahui angka tahunnya itu di antaranya menyebut nama Sanjaya sebagai pencetus generasi baru yang dikenal dengan Dewa Raja.

Apa yang disebut dalam Carita Parahiyangan, menurut Richadiana, ada kesamaan makna dengan prasasti yang ditemukan di Gunung Wukir, yang berada di antara daerah Sleman dan Magelang (Jawa Tengah). Prasasti batu abad VII yang kemudian disebut sebagai Prasasti Canggal itu secara jelas menyebut, bahwa di wilayah itu telah berdiri wangsa atau kerajaan baru dengan Sanjaya nama rajanya, atau dikenal kemudian sebagai Rakai Mataram Sang Ratu Sanjaya. ‘Saya belum berani memastikan adanya kesinambungan Raja Sunda dan Jawa. Yang pasti, Carita Parahiyangan yang berisi tentang cerita raja-raja Galuh itu, salah satunya menyebut nama Sanjaya yang membuat kerajaan baru, dan itu sama persis yang disebutkan dalam prasasti Canggal di Jawa Tengah," tegas Richadiana.

Menurut Richadiana, dugaan itu diperkuat pula dengan prasasti yang dikoleksi oleh Adam Malik (almarhum), yang dikenal dengan prasasti Sragen (ditemukan di Sragen Jateng). Richadiana tidak tahu persis kapan prasasti itu dikoleksi Adam Malik. Yang pasti, prasasti itu isinya juga bisa menjadi fakta adanya dugaan kesinambungan antara Kerajaan Pasundan dan Jawa.

Dua abad hilang
Endang Sri Hadiati dan Richadiana mengakui, sejarah Pasundan memang masih gelap, artinya belum mempunyai alur sejarah yang mendekati pasti."Tonggak sejarah klasik Jawa Barat hanya pada 6 buah prasasti Raja Tarumanegara sekitar abad V. Temuan prasati lain tidak mendukung adanya kelanjutan sejarah, karena selisih waktunya berabad-abad," tandasnya. Namun begitu, jika dicermati dan dikaitkan dengan temuan tahun 90-an ini, sebenarnya hanya rentang waktu dua abad saja sejarah Klasik Sunda yang hilang, bila dihitung sejak Raja Tarumanegara, yaitu antara abad ke V - VII.

Richadiana mengatakan, setelah abad Raja Tarumanegara V sampai abad ke VII memang tidak ditemukan prasasti. Namun lontar Carita Parahiyangan mengisahkan adanya kehidupan raja-raja di Tanah Galuh pada abad VII, disusul kemudian adanya temuan prasasti abad VIII Juru Pangambat. Prasasti ini ditemukan di seputar prasasti Tarumanegara, yang mengisahkan tentang adanya seorang pejabat tinggi yang bernama Rakai Juru Pangambat.

Menurut Richadiana, prasasti Huludayueh yang ditemukan di Cirebon tahun 1990 mengisahkan bahwa antara abad 10 sampai 12 hidup seorang Raja bernama Pakuan. Sebelum itu ditemukan prasasti di Tasikmalaya yang dikenal dengan prasasti Rumatak. Prasasti berangka tahun 1.030 ini mengisahkan bahwa pada masa itu hidup seorang Raja Jaya Bupati. ‘Sebenarnya kalau kita runut prasasti-prasasti itu sudah mengindikasikan adanya urutan sejarah klasik Sunda. Tidak ada peminat yang mempelajari sejarah klasik orang Sunda, selain orang Sunda sendiri. Itu yang menyebabkan sejarah Sunda seperti merana,’ tegasnya. (top)




HATUR PUNTEN
KANGGO KRITIK JEUNG SARAN DI PIHAREUP NYEURAT PESEN ,.....
NUHUN....




Disadur dari :
KOMPAS, Selasa, 21-02-1995. Hal. 16
PUSAT INFORMASI KOMPAS
Judul asli : Sejarah Sunda mulai terkuak